Yamaha

Sastra Sunda: HARIANEUN

  Sabtu, 24 April 2021   Euis Rohayati
Ilustrasi Harianeun. (Arsacadipura)

KANG, tos sapuluh taun abdi ngantosan. Ngarep-ngarep Akang sumping. Akang ngahiang, teu aya béja, teu aya carita. Kulawarga Akang ogé ku teu aya laratannana. Kudu ka mana, nya, abdi néang?

Harita, basa Akang nyarios badé miang ka kota seja milarian padamelan, abdi teu bisa nyaram. Teu bisa ngahalang-halang, da puguh geus kuduna lalaki mah ingkah nyiar kipayah, pikeun jaga nganapkahan kulawarga. Mung, waktos Akang pamit, abdi bet asa beurat ngaleupaskeun Akang.

Abdi sumegruk dina taktak Akang.

"Tos entong nangis, Geulis. Anggur mah dungakeun Akang gancang menang gawé, sangkan harepan urang tinekanan. Urang bisa gancang ngahiji ka balé nyungcung. Akang titip pangjagakeun cinta Akang, céboran ku ka asih jeung ka deudeuh, sangkan tetep subur nyaliara dina haté salira. Sing percaya, cinta Akang ngan ukur keur salira." Kalimah pamungkas ti Akang, ngaregregkeun haté abdi.

Amanat ti Akang ku abdi diéstokeun. Cinta Akang ku abdi dicéboran, dipiara dihadé-hadé, nepi ka ligar karembangan. Samalah akarna nyaliara meulit pageuh kana sakujur awak.

Kang, sapuluh taun sanés waktu nu sakedap. Babaturan nu sapantaran geus baroga budak, aya nu dua, nu tilu, malah nu boga budak opat ogé aya. Rajol  lalaki nu daratang ngalamar ka Abah. Rupa-rupa paméréna. Tapi, Abdi teu kagoda.

Ambu ngaéh sangkan abdi mungkas lalagasan, pajar téh ceuli asa rawing ngadéngé omongan tatangga, cenah abdi parawan jomblo. Tapi, abdi teu ngagugugu, dugi ka Ambu pupusna.

Kang, saminggu ti Ambu dikurebkeun, Abah nyusul. Abdi jadi nunggelis hirup sorangan, cuang-cieung teu aya batur pakumaha. Nalangsa. Kahoyong mah abdi gé rék nyusul Ambu sareng Abah ka alam kalanggengan, supaya tiasa ngariung sareng aranjeunna.

Cipanon tara raat. Beurang peuting abdi sasambat, sangkan Akang énggal sumping. Abdi teu galideur, tetep pengkuh kana jangji, satia ngantosan Akang. Abdi teu paduli kana omongan batur, pajar teh abdi jelema gering alatan kagégéloan ku Akang. 

Minggon kamari, ahirna Akang sumping. Nyandak oléh-oléh, hiji istri salirana bayuhyuh, kulitna bodas beresih. Sok sanaos yuswana tos sapantar Ambu, nanging kageulisanana atra na keureut rarayna. Harita, abdi  malah geumpeur. Rumpang-reumpeung teu puguh cabak. 

"Nepangkeun, ieu Mamih ...," suanten Akang kakuping sumbang. 

Abdi ngarérét ka éta istri, nu ti tadi pananganana teu lésot nangkél ka Akang. Abdi ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman. Tapi anjeunna malah ngarangkul, bari ngaharéwos, "Hapunten Mamih, Geulis," cenah, sorana halon. Tangtu wéh Abdi teu ngarti, karék panggih geus ménta dihampura, tapi teu burung sirah unggeuk.

Kang, ku harianeun. Oléh-oléh nu dicandak ku Akang, singhoréng garwa Akang. Awéwé nu pantesna disebut indung ku Akang. Langit asa runtuh. Bumi alam ngadadak poék.

Curuk langsung bentik, nuduh Akang geus ngajual diri. Akang nampik. Kitu deui basa abdi nuduh Akang nyalindung ka gelung, Akang embung. Akang susumpahan, teu rumasa, pajar téh kapaksa ku kaayaan, ditambih ku karumasaan Akang nu hoyong mulangtarima ka Si Mamih. 

Dongéng Akang meunggaskeun harepan abdi. Si Mamih alias Ibu kos anu bageur, anu réa nulung salila Akang di pangumbaraan. Samalah waktos Akang teu damang ripuh, saurna, nya Si Mamih nu ngurus. Dugi ka Akang ngaraos ragab, ogé pikeun ngajaga pitnah, ahirna Si Mamih ku Akang ditikah.

Hareneg. Lir ditonjok hulu angen. Haté rangsak, peurih lir diturihan hinis. Ku hayang nyasaak haté Akang. Bongan Akang bet jalir janji. Pajar téh cinta jeung asih Akang ngan ukur keur abdi sorangan.

Kamari, di payuneun Si Mamih, Akang ngalamar abdi, kanggo dijadikeun istri Akang nu kadua. Anjeunna malah ngarojong.

"Sing percanten, Geulis, Mamih nikah téh lain ngalajur nafsu. Mamih téh geus kolot. Hirup nunggeulis nyorangan, teu gaduh anak teu gaduh dulur, taya batur pakumaha. Mamih saukur mihapékeun diri bari sakalian rék milu mikanyaah ka hidep duaan. Hayu urang hirup babarengan jeung Mamih, urang ngurus Si Akang. Mamih ridho Lillahi ta'alla, asal nu Geulis narima kalayan ngahampura Ka Mamih," garwa Akang mani lumengis, ngolo sangkan abdi kersa didua.

Kang, kamari abdi  istuning poékkeun. Dugi ka teu tiasa ngabéntenkeun nu mana madu, nu mana racun. Kopi nu kamari dileueut ku garwa Akang, ku abdi ditambihan racun hama. Bonganna, anjeunna tos janten hama nu némpél dina haté Akang.

"Harianeun!" Saur Akang, basa ningal garwa Akang kekejetan, tina lambeyna nu geuneuk, ngabulaéh budah. 

Akang neuteup abdi bangun nu ceuceub.

Samalah waktu abdi jejeritan hoyong leupas tina borgol polisi nu nalikung leungeun abdi,  Akang teu nulungan.

Ku harianeun, Kang!***

 

Euis Rohayati, lahir di Bandung, kiwari matuh di desa Jatiéndah, Kacamatan Cilengkrang, Kabupaten Bandung. Ibu rumah tangga. Resep ngarang ti keur mangsa rumaja. Karanganana kungsi dimuat di majalah rumaja, majalah budak, ogé dina majalah Mangle.

  Tags Terkait

   Ayo Bagikan!
Ayo Respon
   Komentar

Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab pribadi seperti diatur dalam UU ITE

Komentar